Powered by Blogger.

Contoh Pidato Bahasa Sunda

Posted by Acara

Contoh Pidato Bahasa Sunda - Pagi hari yang cerah di hari ini, saya awali dengan puja dan puji syukur kehadirat Tuhan YME. Karena atas kehendaknyalah saya telah mampu menyelesaikan artikel contoh pidato bahasa sunda dengan judul "Hakekat Ikhlas Dina Ibadah", artikel ini melanjutkan tulisan saya yang sebelumnya yaitu contoh muqaddimah pidato. Mohon maaf sebelumnya, saya belum merubah bahasanya ke bahasa sunda. Langsung saja kita mulai:

Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh!

(Pilih Muqaddimah yang anda sukai)

Bapak-bapak, Ibu-ibu kalih tamu undangan sadayana nu ku pribados dipika hormat.
Shalawat kalih salam mudah-mudahan kalimpahkeun ka junjungan urang sadaya nyatea Kanjeng Nabi Muhammad saw, kusabab anjeuna nu tos memperjuangkeun Islam di alam dunya ieu. Nu hasilna urang sadaya janten tiasa ngabedakeun perkara mana anu haq jeung nu bathil.

Hadirin sadayana nu di mulya keun ku Allah
Unggal jalmi tos tangtu ngadambakeun kabagjaan dunya akherat. Tah, jalan kabagjaan eta teu bisa dijalani kucara nu santai, pinuh ku hura-hura, sareng sadaya hal nu ngalanggar syariat Islam. Tapi kedah dilakonan kucara ibadah nu tos ditangtoskeun ku Alloh SWT, boh nu katulis dina kitab suci Al-qur'an atawa nu aya dina sunnah Nabi.

Hadirin sadayana nu di mulya keun ku Allah
Ngalakukeun ibadah nu di mimitian ku hate nu ikhlas, janten hakekatna nyaeta ngalakukeun sagala ka alusan nu teu hayang di tempo, komodeui dipamerkeun ka batur. Hayu urang babareungan ngajauhkeun diri tina kalakuan riya, kusabab kalakukan eta tiasa ngahancurkeun amal-amalan urang nu dina akhirna janten teu aya hartina. Dina hal ieu kanjeung Nabi saw, bersabda:

Opat macam tanda bukti jalmi-jalmi nu riya, nyaeta:
1. Males pami nuju nyalira
2. Rajin pami dipayunen batur
3. Ibadahna getol upami dipuji
4. Ibadahna turun upami dicela ku batur

Kusabab kitu, kanggo jalmi-jalmi nu beriman tos sakedahna terang ka opat macam sifat tadi tiasa ngahancurkan manusa nyaeta siksa naraka.

Hadirin sadayana nu di mulya keun ku Allah
Sadaya bentuk amal ibadah pami aya rasa riya', maka hasilnya nol besar/sia-sia. Kusabab kitu, hayu urang babarengan introspeksi kana diri urang masih-masing. Akhiirul kalaami, wabil laahit taufiiqi wal hidaayati war ridlaa wal-inaayati wassalamu'alaikum warahmatullaahi wa barakaatuh.

Related Post



Post a Comment